B. Daerah

Pertanyaan

Cicing dilembur mah estuning... Teu loba dedengean jeung tetenjoan Cara dikota

1 Jawaban

  • Kalimah salengkepna tina pananya di luhur teh nyaeta "Cicing dilembur mah estuning tiis ceuli herang mata teu loba dedengean jeung tetenjoan cara dikota". Kekecapan "tiis ceuli herang mata" teh nyaeta paribasa anu mangrupa oge mamanis basa, anu hartina nyaeta "ngeunah kana hate ku lantaran ngeunah dedengean jeung tetenjoan".

    Paribasa teh mangrupa salahsahiji pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kekecapan atawa kalimah anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge.  

    Paribasa "tiis ceuli herang mata" teh disebut mamanis basa sabab eta paribasa teh endah atawa murwakanti, nyaeta kecap tiis murwakanti jeung kecap ceuli, kecap herang murwakanti jeung kecap mata.


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Kelas : IX (3 SMP)

    Kata Kunci : Tiis ceuli herang mata

Pertanyaan Lainnya