contoh kecap rarangken ka-an
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kecap rarangken ka-an nyaeta salah sahiji rupa tina kecap rundayan. Kecap rundayan nyaeta kecap nu dirarangkenan. Aya tilu rupa kecap rundayan nyaeta kecap nu dirarangkenan rarangken hareup, rarangken tengah jeung rarangken barung. Kecap rarangken ka-an kaasup kana kecap rarangken barung.
Pembahasan
Kecap rundayan bisa oge disebut kecap asal nu dirarangkenan. Ditilik tina wangunna, aya nu disebut kecap asal, kecap rundayan, kecap rajekan jeung kecap kantetan. Kecap rundayan, kecap kantetan jeung kecap rajekan disebut oge kecap turunan atawa kecap jadian. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta sawatara contoh kecap rarangken ka-an:
- Kecap cape ditambah rarangken ka-an jadi kecap kacapean
- Kecap tindih ditambah rarangken ka-an jadi kecap katindihan
- Kecap kurang ditambah rarangken ka-an jadi kecap kakurangan
Pelajari lebih lanjut
- Conto kecap anu ngandung rarangken hareup https://brainly.co.id/tugas/7087944
- Conto kalimah anu make rarangken tengah https://brainly.co.id/tugas/15511276
- Conto rarangken pang-keun https://brainly.co.id/tugas/439773
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 2
Kode : 10.13.2
Kata Kunci : Kecap rarangken ka-an