carpon bahasa sunda yang akhirnya ada amanatnya dong,butuh bgt sekarang,tolong ya.
B. Daerah
IndahSMPNSerang267
Pertanyaan
carpon bahasa sunda yang akhirnya ada amanatnya dong,butuh bgt sekarang,tolong ya.
1 Jawaban
-
1. Jawaban nabilaalattas
Salah sahiji conto carita pondok (carpon) Sunda nyaeta anu ngabogaan judu "Kang Sabri Leungiteun Kalangkang", anu dikarang ku Mamat Sasmita.
Amanat atawa pesan anu bisa ditilik dina carpon Kang Sabri Leungiteun Kalangkang teh nyaeta yen dina kahirupan sapopoe urang kadang-kadang manggihan masalah atawa kajadian anu aneh. Ceuk amanat dina eta carpon, umpama urang manggihan masalah atawa kajadian anu aneh, urang ulah buru-buru hariwang dina nyanghareupan eta masalah, tapi urang kudu nilik heula sing bener naon masalah anu sabenerna.
Hiji carpon biasana ngabogaan 6 unsur intrinsik. Unsur intrinsik nu aya dina hiji carpon nyaeta unsur tema, latar, amanat, penokohan, sudut pandang jeung alur. Kitu oge dina carpon Kang Sabri Leungiteun Kalangkang, urang bisa nilik jeung nganalisa eta carpon dumasar kana 6 unsur anu biasa aya dina hiji carpon.
Salian ti unsur intrinsik amanat anu geus dijentrekeun di luhur, di handap ieu hasil analisa unsur intrinsik lianna nu aya dina carpon Kang Sabri Leungiteun Kalangkang :
1. Tema nu aya dina carpon Kang Sabri Leungiteun Kalangkang teh nyaeta kahirupan masyarakat sapopoe. Dina kahirupan masarakat sapopoe kadang-kadang bisa aya hiji kajadian anu sabenerna eta kajadian teh mangrupakeun kajadian biasa, tapi kusabab jalma anu ngalaman eta kajadian teh teu sadar yen eta kajadian teh sabenerna mah ngan saukur kajadian biasa, eta kajadian biasa teh jadi matak ngaramekeun atawa ngajadikeun masalah. Dina carpon ieu, masalah kalangkang nu sabenerna mah lain masalah, tapi bisa jadi masalah nu dicaritakeun ti mimiti nepi ka ahir.
2. Anu jadi latar dina carpon Kang Sabri Leungiteun Kalangkang teh nyaeta diantarana tempat-tempat nu didatangan ku Kang Sabri waktu keur narik ojek, sakola anak Kang Sabri, imah Kang Sabri, imah Pak Mantri jeung masjid. Waktu anu dicaritakeun dina eta carpon nyaeta ti isuk-isuk nepi ka isuk-isuk poe lianna deui anu digambarkeun sacara cukup jelas, dibarengan ku suasana sapopoe kahirupan Kang Sabri. Latar nu dicaritakeun cukup jelas, nu maca eta carita bisa ngabayangkeun sacara jelas kumaha kajadiannana, kekecapan anu dipilih karasa pas jeung bisa leuwih nguatkeun suasana nu diharepkeun ku pangarang carita.
3. Unsur intrinsik penokohan dina carpon Kang Sabri Leungiteun Kalangkang nyaeta aya Kang Sabri, pamajikan Kang Sabri, anak Kang Sabri, panumpang ojek, Pa Mantri, Mama Jarkasih jeung babaturan Kang Sabri. Watak masing-masing tokoh oge dijelaskeun dina carpon eta, aya watak anu jelas jeung aya watak anu samar-samar. Sanajan dicaritakeun sakolebat-sakolebat, kusabab pilihan kekecapanana pas, anu maca bisa ngabayangkeun sacara jelas watak tokoh-tokoh nu kalibet dina eta carpon.
4. Unsur intrinsik Sudut Pandang dina eta carpon nyaeta nempatkeun pengarang di luar carita. Unsur intrinsik sudut pandang umumna dibagi dua, nyaeta pangarang kalibet dina carita atawa teu kalibet dina carita. Pangarang dina eta carpon henteu milu kalibet dina carita. Sanajan pangarang carpon teu kalibet dina carita, ku ayana pilihan kekecapan anu pas, masing-masing tokoh dina eta carita bisa ngawakilan peran masing-masing sacara utuh, objektif jeung pas.
5. Unsur intrinsik Alur dina carpon biasana mah sok kurang jelas kusabab ku pondokna eta carita. Tapi dina eta carpon alur carita sacara umum bisa kaciri. Alur carita biasana ngandung tahapan-tahapan pengenalan, timbulna konflik, konflik beuki naek, klimaks, jeung ahirna nyaeta penyelesaian masalah. Dina eta carpon, pangarang bisa nunjukkeun bagian pengenalan sacara cukup jelas, dina pengenalan dicaritakeun yen poe saptu eta teh bakal loba penumpang ojek, konflik mulai mucunghul waktu panumpang ojek menta diturunkeun, konflik beuki naek waktu Kang Sabri yakin yen manehna teu ngabogaan kalangkang, klimaks kajadian nyaeta waktu ngajemput anakna, Kang Sabri masih nyaksikeun yen manehna teu ngabogaan kalangkang, penyelesaian masalah mimiti mucunghul waktu Kang Sabri bisa nempo deui kalangkangna dina wanci sore atawa peuting jeung kaisukannana.